wajibna hade ka nu jadi indung bapa,

Bismillahir rohmani rohiim
Dawuhan Alloh swt .
وقض ربك ان لا تعبدواالااياه،وبالولدين احسانا
Waqodo robbuka an la ta'buduu illa iyyah wabil walidaini ihsanan 
Alloh marentah kalawan parentahna anu pasti,supaya yen ulah ibadah aranjeun kabeh kecuali ka pangeran anjeun teugeusna alloh swt.
Jeung kudu nyieun kahadean aranjeun ka indung bapa anjeun. Kusabab indung bapa nyaeta 
السبب الظاهر للوجود والتعيش
Asbabu zohiru lilwujudi watta'ayusyi
Jadi sabab anu zohir kana ayana si jalma jeung kana hirupna si jalma(budakna)
Sa umpana lamun tea mah teu aya nu jadi indung anu ngandung bapa anu ngayuga ,maka moal aya budak anu lahir ka alam dunia tanpa di kandung heula ku indungna,oge bapana anu parantos jadi sebab jadina janin anu aya dina rahim indungna si budak.
Lamun tea mah neupi kana usia anu kolot eta walidain maka...
فلا تقل لهما اف
Falaa taqul lahuma uffin 
Te menang ngucapkeun saha budak ka indung bapana kana ucapan up (moal,embung,dll)
وهو صوت يدك على تضجر
 kusabab ari kalimat UP nyaeta kalimat anu mertelakeun nuduhkeun kana kabimbangan ,jeng kotor.
ولا تنهرهما،وقل لهماقولا كريما جميلا
Walaa tanharhumaa ,waqul lahumaa qoulan kariiman jamiilan
Jeung ulah nyeuntak anjeun ka indung bapa,tapi ,jeung kudu ngucap anjeun kalawan ucapan anu muliya tur anu hade.
واحفض لهماجناح الذك تذلل لهما ،وتواضع فيهما
(من الرحمة)
Wahfidh lahumaa jannaha dzukki tadzalal lahuma watawaadho' fiihimaa (minarohmati)
Kudu ngarendahkeun kana awak anjeun kudu ngarasa hina anjeun ka indung bapa ,kudu depe depe ,kudu boga rasa mikanyaah ka indung bapa.
Kusabab dina sapalihna keterangan anu di tuturkeun dina kitab lubabal hadist tankihul qoul.yen karidoan alloh aya dina karidoan walidain,oge beubeundu alloh aya dina beubeunduna walidain..tegesna lamun indung bapa rido mk alloh rido tapi sabalikna,oge di sebatkeun dina bait berikutna bahwa aljannatu aqdamil ummahati ari surga ayana dina dampal sampeana walidain.kukitu barudak anu soleh oge nu awam 
وقل ربارحمهما كما ربيانى صغيرا
Waqurrobirhamhuma kamaa robbayani sogiron. Lafad qul robbi di bacana jadi qurrobbi sabab aya huruf lam sukun mayunan huruf ro ,nu mana dina ilmu tajwid lam jeung ro dua hurup anu sajenis nu sarua makhrojna tempat keluarna bacaan .maka hukumna idgom mutajanisain
Hartina.
Jeung kudu ngucap anjeun ,!
 Hai ,pangeran abdi mugia gusti maparin rohmat ka ibu bapa abdi ,saperti yen parantos ngurus ibu bapa abdi ka abdi dina waktu budak. 
Maka cirina budak anu soleh nyaeta anu teu leupas tina nga DOA keun indung bapana.

Mudah mudahan sing janteun ilmu anu manfaat hususna kanggo al faqir umumna kanggo anu ngais kana ieu keterangan .
Anu di tukil ku imam utsman bin hasan  asyakiri dina kitab durrotunasihin.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

DOA & TATA CARA ,NISFU SYA'BAN,

keutamaan solat tarowih -sarah kitab durrotunnasihiin. www.majelisalarofsmd.blogspot.com

amalan supaya rezeki lancar