□♥︎empat golongan manusia yg tidak akan di masukan ke surga♥︎□

bismillahir rohmanir rohiim.
Assalamu'alikum wr.wb.

 وعن ابي هريرة رضي الله عنه 
عن النبي صلى الله عليه وسلم ،
انه قال¤ اربعة حق على الله تعالى¤
 ،ان لا يدخلهم  الجنة ،ولا يذيقهم نعيمها.
◆♡♡♥︎♡♡♥︎◆
١. مدمن خمر 
٢. واكل الربا
٣.واكل مال اليتيم بغير حق
٤.وعاق الوالدين

★ Katampi ti abi huroiroh rodiallohu anhu mugia ngaridoan gst alloh ka abi huroiroh. Nampi ti kanjeung nabi muhammad s .a.w. saenya² na kanjeng nabi ngadawuh saurna.. 
Ari 4 jalma eta nu haq ka alloh ta'la kana yen moal ngasupkeun alloh ka 4 jalma ,ka surgana alloh.sareng moal masihan saha alloh ka 4 jalma eta kana ni'matna surga .

◆1.nyaeta jalma anu sok nginum arak.
◆2.jalma anu sok ngadahar riba
◆3 jalma anu sok ngadahar hartana anak yatim anu lain haq na
◆4.jalma anu doraka ka indung bapa na.

★ Eta sadayana anu di luhur 4 golongan jalma anu moal di asupkeun ka surga tur moal menang nimatna surga..tangtu lamun salila hirupna teu ngalakukeun TAUBATAN NASUHA neupikeun ka ajalna tumiba.
Ku kituna wajib pikeun urang sadayana komo deuih ka jalma anu sok ngalakukeun padosaan boh nu geude atawa anu leutik,supaya ngalakukeun taubat .
♥︎Sageude geudena dosa jalma ,tangtu magfiroh alloh leuwih geude pikeun jalma anu daek taubat.♥︎

Tah sakitu ringkeusan tina sarah kitab  durotunnasihiin anu di karang ku imam utsman hasan bin ahmad asyakiri.
Juz 1.
Mugia manfaat pikeun sadayana,hapunteun boh bilih aya penulisan tur kata kata anu lepat tur teu saluyu sareung qolbu na para pembaca anu mudah²an aya dina magfirohna gst alloh.
Aamiiin aamiiin yaa robbal a'lamiiin.

والله اعلم ب الصواب 
Wa salamualaikum warohmatullohi wa barokatuhu.
_____________________^________________
#www.majelisalarofsmd.blogspot.com
@majelis al arof
081214464189
Jl.nanggorak dsn pasir rt 03 rw 07 desa margamekar sumedang selatan.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

DOA & TATA CARA ,NISFU SYA'BAN,

keutamaan solat tarowih -sarah kitab durrotunnasihiin. www.majelisalarofsmd.blogspot.com

amalan supaya rezeki lancar